Dina babawaan atawa barangbawa, loba pisan rupana (hususna béda
ngaran babawaan/barangbawa). Rupa-rupana téh gumantung kana kumaha cara
mawana jeung ngagunakeun naon mawana. Jadi anu ngabédakeunana téh kumaha
cara mawana (ngagunakeun parabot/alat babantu naon) jeung maké naon
mawana (maké anggahota awak naon mawana). Béda cara mawa bisa
ngakibatkeun bédana ngaran babawaan. Pon kitu deui reujeung bédana maké
anggahota awak ngakibatkeun bédana ngaran ogé.
Jalma keur nanggung suluh
- Nyuhun. Lamun mawa barang éta barangna téh diteundeun di luhureun sirah saperti mawa parab domba sabeungkeutan dina luhureun sirah.
- Manggul. Mawa barang dina taktak.
- Nanggung. Mawa barang atawa babawaan dina
takatak bari maké rancatan. Barang anu ditanggung dibagi dua diteundeun
atawa ditalian kana tungtung rancatan.
- Nyumiat. Mawa barang maké taktak bari maké
rancatan. Ngan barang anu dibawana henteu dibagi dua sakumaha nanggung.
Barang anu dibawana dihijikeun dikaitkeun atawa ditalian dina hiji
tungtung rancatan. Rancatan anu dipakéna biasana mah anu panjang, pikeun
nyaimbangkeun beuratna babawaan.
- Nogéncang. Sarua reujeung nyumiat.
- Ngagotong. Mawa barang ku duaan (dua urang
jalma). barang anu dibawana biasana mah dihijikeun ditalian atawa
digantungkeun kana rancatan. Barang anu dibawa diteundeun di
tengah-tengah rancatan. Tungtung rancatan dipanggul ku dua urang jalma
maké taktak.
- Mundak. Mawa barang langsung dina taktak atawa punduk.
- Nanggeuy. Mawa barang dina leungeun anu ditanggeuykeun ka luhur.
- Ngajingjing. Mawa barang maké leungeun kalawan ditalian atawa maké wadah.
- Ngélék. Mawa barang kalawan diselapkeun kana kélék. Barang anu dibawana biasana mah leutik jeung hampang.
- Ngagandong. Mawa barang dina tonggong, bisa dicekelan maké leungeun atawa ditalian. Talina bisa maké tali biasa atawa maké samping.
- Mangku. Mawa barang atawa barangbawa make leungeun jeung diteundeun diluhureun atawa palebah beuteung. ciburuan.wordpress.com